Katresna...
Kuduna mah saumur wayah kieu teh keur meumeujeuhna asak buah na tangkal... eta mun diibaratkeun kana buah nu ragrag ku bakat asak... tapi ieu mah jelema... nu ngaran jelema atawa manusa moal aya nu sampulur atawa sampurna.... komo nu ngeunaan kana cinta mah... moal ningali kana akal sehat.... tara ku ningali papadananna atawa kuduna...
Ceuk kuduna mah ari cinta teh kudu jeung nu sapantaran.... saumuran atawa nya nu bedana teu leuwih teuing... ngarah kahontal meureun kitu ... ngan nyaeta ari wayah kieu sok aya wae nu teu kaharti atawa teu asup diakal mun ningali aya kolot nyaah ka budak atawa sabalikna... mun saukur nyaah atawa deudeuh siga bapana ka anakna... atawa anakna ka indungna, atawa indung ka anakna... rada keneh asup kana pipikiran... tapi teuing kumaha jalan pipikiranna lamun aya kolot nyaah teu siga ka anakna tapi nyaah deudeuh siga ka kabogohna, kakasihna...? mun ceuk jelema biasa nu loba pangartina mah cenah teu logis.. teu asup diakal... tapi loba kabuktian di jaman kiwari cenah dina era globalisasi teh ku kajadian kitu mah jadi teu aneh deui...
ulah jauh-jauh... di nagara urang.. di Indonesia, di dunya selebritis... eta oge nempo dina tivi.. ceuk 'infotainment'... aya Yuni Shara nu penyanyi jeung Rafi Ahmad bobogohan... aya Syech Puji jeung budak dibawah umur kawin... aya deui... Onky Alexander kawin jeung Paula Saroinsong... nu jelas-jelas beda umurna jararauh aya kana belasan taunna...
Atuh komo deui meureun di nagara batur mah... kasebutkeun di dunya artis Hollywood... geus teu kaitung rea na nu papasangan beda umurna jauh teh...
Tah.. saenyana katingalina mah asa teu pantes.. teu sapadan, teu saumur teh ari ditingali tina kacamata umum mah... tapi cobi lamun ningali kana kacamata cinta... kacamata katresna... kadeudeuh... geningan ukuran jauh na jarak umur.. jauhna jarak... ongkos... logika mah geus teu diinget deui...
Logika moal dipake... ari cinta nya cinta... ari sangsara ku cinta dilakonan wae.. sok sanajan ceuk logika kunaon bet bisa? kunaon bet bogoh ? kunaon bet daek?.... moal bisa kajawab... da nu ngajawabna lain otak... tapi RASA...
Sanajan kolot, huisan, bongkok, peot, ramijud... ari bogoh mah teu ditingali...
Sanajan geulis, bageur, pinter, gaya,.... atawa kasep, gagah, beunghar, .... saumur.. terkenal.. jeung sajabana... ari teu boga rasa nyaah jeung bogoh..? moal bisa...
moal aya KLIK.. ceuk budak jaman ayeuna mah....
Katresna... kacinta... moal bisa dipiceun.. dihapus ku gambar nu geulis, gambaran nu kasep, nu beunghar, gagah, sakti mandraguna oge moal kapake... Katresna mah datang teu ninggang na ngahaja dina hiji mangsa... datang teu diondang balik teu dianteur.... jurig onaman sok digeroan ku dukun atawa ku jalma nu disebutna "paranormal"... daek datang... ari Katresna mah henteu.
Ari kacinta jeung katresna mah datang sorangan.... teuing naon nu ditingalina... teuing naon nu dibawana... teuing naon rupa jeung bentukna .... da "abstrak" ....
Unggal hiji jelema nyaritakeun CINTA teh tara aya nu sarua... siga jelema ngagambarkeun jurig...
Ceuk Si A.. kitu... ceuk Si B kieu.. ceuk Si C lain deui....
Katresna bisa moekkeun sagala.. bisa oge nyaangan nu tadina poekkeun... bisa jadi ngarasa leuwih ngora.. bisa nyieun titingalian asa mencrang, bisa dahar jadi ngeunah, bisa jadi sumanget keur nu ujian sakola, bisa jadi sumanget keur usaha... bisa oge jadi owah ku lantaran teu ngarti kumaha nandanganana... loba oge nu ngagantung maneh atawa nginum racun kulantaran teu kuat akibat ngarasa nyeri na ditinggalkeun ku bebene nu dipikacinta...
Pastina oge urang sok ngarendeg... jang naon nepi ka aral..kusabab cinta? siga euweuh deui pilihaneun.. siga euweuh deui awewe weh di dunya teh.. atawa ahhh... meni "Lebay"( kaleuleuwihan) pisan...
Tapi gening da eta cinta atawa katresna mah teu bisa dicampur adukkeun jeung logika tea...
Baheula kuring sok nyeungseurikeun babaturan nu ceurik barilihan kulantaran ditinggalkeun ku kabogohna.. padahal ceuk akal kuring... naha nepi ka kitu teuing sih... jaba kabogohna teh goreng, ceuk saukuran urang jaman bareto mah.. teu neces-neces acan... naon nu rek dibeungbeuratan.. dipikasedih jeung dipikanyeri? siga nu euweuh deui wae... siga nu isuk moal manggih deui wae..
Eta baheula.... tapi gening.. ku kuring ayeuna karasa... yen katresna nu teu katepi ka tujuan nu diimpikeun.. direnda dina unggal poe.. dina kalangkang teu katepungkeun teh karasa pisan nyeri peurihna... komo deuih lamun anu dipikanyaah ku urang teh teu nyahoeun kumaha cintana urang ka manehna... encan deuih aya dina rasa yen manehna bogoh kanu lain... peuriiihh... ambon sorangan..
Tapi kuduna katresna mah ningali na kana hate nu leutikna... ulah ningali hate nu gedena... nyaeta hate leutik teh nu disebut NURANI....
KATRESNA mun saluyu kana NURANI najan karasana peurih raheut jero oge... pastina bisa ngukur kana logika.... komo deuih lamun urang boga dadasar iman nu kuat... muntang kanu Maha Rahim.. da sabenerna mah cinta kanyaah sareng atawa katresna teh ngan pantes kanggo Anjeunna... Mantenna... lamun urang ikhlas kana katresna urang kanggo Mantenna teh pasti salamet dunya akherat...
Insya Allah...
Tapi nya eta da kuring mah manusa biasa... lain arek ngabebenerkeun ngabelaan diri sorangan... tapi naha kuring bet nyeri peurih jeung asa hayang paeh tiheula wae...? naha kuring bet nyaah pisan ka manehna? naha kuring bet nyeri atuh ditinggalkeun ku manehna? naha kuring bet sarakah? apanan Anjeunna teh nyaah pisan ka kuring... geus dibere CINTA.. SEHAT... HARTA... jeung sajabana... ditambihan deuih ku Anjeuna Cinta ti nu sanesna... naha kamana hate leutik kuring??... boa boa manehna mah teu cinta matak kitu ge... boa boa kuring cinta ka manehna pedah manehna nyebutkeun boga rasa cinta ka kuring? boa boa kuring oge moal lana cinta ka manehna??......
Can keneh kapikir kunaon... kudu kumaha.... da rasa mah teu bisa dirasarasa ku batur mun batur teu ngalaman nu sarua...
Daripada aral mikiran nu teu paruguh.. mikiran kapeurih... mikiran logika... mikiran cinta... geus weh ku kuring ditulis di dieu... da Anjeunna mah Maha Uninga
aduuuhhhh Gustiiiiiii.... abdi teh Cinta ka manehna... teu ningali saha manehna... teu ningali kumaha rupana... teu ningali kumaha baheulana... teu ningali sabaraha umurna... teu ningali kuring sabaraha taun ayeuna .... Gusti abdi ikhlas... sumangga abdi nampi... da mung sakieu ka tiasa abdi... abdi langkung sieun kana kamurka Anjeun tibatan abdi aral... abdi seja syukur tos dipaparin KATRESNA anu tiasa ngawangun ruh cinta kuring nu tos pupus...
Mugia katresna kuring tiasa ngabukakeun kuring sajatina saha.... tiasa ngamukakeun hate anjeunna... tiasa ngajadikeun kuring aya dina titincakan nu sakedahna.... hatur nuhun Gusti... Pangeran Katresna kuring... puntangan kuring...
Gusti... abdi isssssiiiiiiiinnnnnn..... wios abdi ceurik heula... ngarah teu ngabegul na hate gede...
Nuhun Gusti abdi dipaparin bagja ngaraosan katresna nu kedahna manjang.... katresna ka manehna... wios Gusti anu uninga..
*Dipihatur kanggo AA..my special person who i loved*
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
3 komentar:
Prikitiw...
Suuuiiiittt..suiiittttt,,, cletak cletak.... ehm clenk..!!!
Betting Baccarat (Blackjack) | ULTIMATE - The Wilbur
I am not interested in betting Baccarat, but want to take a step back and see the benefits of a single game. So here 메리트카지노 is my 바카라 사이트 list of the 카지노 games that I
Posting Komentar